MATERI IPA (GERHANA MATAHARI)
CARA MEMBUAT GERHANA MATAHARI
ALAT & BAHAN
1. STEROFOAM
2. KERTAS LIPAT / KERTAS ASTURO
3. SENTER SEDANG
4. LEM
5. TUSUK SATE / LIDI
6. GUNTING dan CUTTER
7. BOLA PINGPONG
8. SILAHKAN DITAMBAHKAN ALAT ATAU BAHAN SESUAI KREATIVITAS (Bisa Searching dari Google atau lihat Link dibawah ini)
link Tutorial Gerhana Matahari : https://www.youtube.com/watch?v=hlpTDtrWEtk
MATERI BAHASA SUNDA (PIDATO)
KESEHATAN
MASYARAKAT
Assalamualaikum Wr. Wb
Wilujeng Enjing Sadayana
Ibu Guru nu dipihormat sareng
sadaya rerencangan nu dipikacinta.
Langkung ti
payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos
maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara.
Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.
Para wargi anu
ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha
pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa wajib
ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala
panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara
anu sehat. Meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta
conto hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah
di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham.
Saupami
sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih atanapi suci tina
sagala kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng lingkungan
di sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang
ge suci sareng bersih.
Hadirin sadaya.
Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu kirang entep
seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa
ngahapunten.Hatur nuhun kana perhatosanana.
Wassalamualaikum wr.wb
Tidak ada komentar:
Posting Komentar