Petunjuk Pengerjaan:
1. Tulislah Teks Pidato dibawah ini menggunakan kertas Folio Bergaris.
2. Tulis Identitas: Nama, Kelas dan Sekolah.
3. Bacalah teks pidato yang telah ditulis sesuai dengan lafal, intonasi dan ekspresi yang tepat di hadapan Penguji.
KASEHATAN MASYARAKAT
Assalamualaikum Wr. Wb
Wilujeng Enjing Sadayana
Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya
rerencangan nu dipikacinta.
Langkung ti payun
mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparin
waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara.
Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.
Para wargi anu ku
simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna
hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga
lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit. Ku
margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat.
Meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto
hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di
mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham.
Saupami sadidinten
urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih atanapi suci tina sagala
kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng lingkungan di
sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang ge
suci sareng bersih.
Hadirin sadaya, cekap sakitu nu kapihatur,
bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah
larapna, mugi kersa ngahapunten. Hatur nuhun kana perhatosanana.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar